MASALAH runtah ayeuna lain ngan saukur aya di kota atawa di pasar hungkul. Tempo geura di lembur urang, di sisi jalan, di solokan, dikali, Komo di kebon kosong mah, geus mimiti loba palastik jeung pampers pabalatak. Lamun kieu waé diantepkeun, lain ngan saukur matak peteng jeung bau, tapi cai jeung taneuh anu jadi modal urang baranghakan bakal ruksak.
Solusina mah euweuh deui, urang kudu hudang deui, eling deui kana jati diri salaku warga Dawuan, salaku urang Sunda anu panceg mulasara bumi.
Kolot urang boga papatah: “Ulah ngacak-ngacak panyicingan, ulah ngotoran cai herang.” Salaku urang Dawuan anu kawentar ku tatanénna, lemah jeung cai téh nyaéta sumber kahirupan anu kudu dijaga kasucianana.
Jati diri Sunda anu asli téh lain ngan saukur ngomong “boga” atawa “léléngkahan”, tapi tina kréatipna urang ngarawat lembur sorangan. Mun urang masih kénéh miceun runtah sambarangan ka solokan, hartina urang geus poho kana tatakrama jeung ngérakeun ngaran lembur sorangan.
Sangkan lembur urang resik jeung jagrag, hayu urang laksanakeun tilu perkara ieu:
Gerakan “Perelek Runtah”
Lamun bapa-bapa jeung ibu-ibu apal, kapungkur mah aya perelek béas wadahna tina bumbung awi. Ayeuna mah hayu urang modifikasi jadi “Perelek Runtah”. Saban imah mimiti milah runtah plastik, botol, atawa kardus. Engké dikumpulkeun, dibawa ka Bank Sampah desa sangkan bisa jadi duit tabungan warga.
Ngahudangkeun deui “Pamali” di Lembur
Urang jieun aturan desa anu teges tapi dumasar kana rukun warga. Sing saha waé anu téga miceun runtah ka solokan atawa ka kebon batur, éta sarua jeung ngondang panyakit jeung mamala pikeun batur salembur. Nu kitu pantesna dicarék ku sararéa, ulah diantepkeun baé.
Ngurangan Palastik dina Acaran Muludan jeung Hajat
Lamun aya hajatan, tasyakuran, atawa rajaban di mushola, hayu urang kurangan wadah stérofom jeung palastik sakali paké. Balik deui ngagunakeun daun cau atawa wadah anu bisa dikumbah jeung dipaké deui. Salain hémat, urang ogé milu ngajaga alam.
Ngurangan sampah sewang-sewang, pribahasa “saeutik Mahi, loba nyesa” kudu dipraktekeun Sangkan produksi sampah rumah tangga bisa diminimalisir.
Ngabersihkeun lembur tina runtah lain ngan saukur tugas Pak RT, Pak RW, atawa Lurah hungkul, tapi geus jadi urusan urang sararéa anu nyatu jeung nginum ti ieu lemah cai Dawuan.
Hayu urang buktikeun yén urang Dawuan Barat téh nyaah ka lemburna. Lemburna resik, wargana palinter, rejekina ogé ngocor tur barokah!
Sampurasun!
Penulis ;
BASARI
Ketua Umum Paguyuban Dawuan Cikampek Bersatu










